Pidato Bahasa Sunda
Naskah biantara basa sunda
Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/
ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu
urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan
rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul
di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin
Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun
watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina
segi positif sareng tina segi negative. Internet, kecap anu teu asing di jaman
ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi
internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di
unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu
ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur
elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae
anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang
urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna
jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari
jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu.
Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae
jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa
oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan
fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea
pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala Bisa katipu tina iklan – iklan di internet Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna.

Rumaja
biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna
lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi
urang sorangan.
Sakitu
wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb
Wassalamualaikum wr.wb

0 komentar:
Posting Komentar