Pidato Bahasa Sunda
Manfaat Iman Kana Qodo sareng Qodar
Langkung
tipayun hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka dzatna anu maha suci anu
maha mantena, parantos masihan mangrebu-rebu kani’matan terutamina ni’mat iman
sareung ni’mat islam, teu hilap oge solawat sareng salam urang sanggakeun ka
junjungan Nabi Agung Muhammad SAW, ka kaluwargina sareng ka sobat-sobatna oge
ka para tabiin tabiatna anu ka Allah di mulyakeun.
Ka bapa
sareng ibu guru anu simkuring di dipikahormat oge teu hilap ka para siswa sareng
siswina anu ku simkuring di pihormat sareng mugia ku Alloh di
mulyakeun….Aminn…, ngadegna simkuring ieu teh di payun bade pidato sanes bade
mimbar atanapi dakwah, langsung wae simkuring bade pidato anu insya Alloh
nerangkeun atanapi nyarios masalah qodo dan qodar.
Sadaya umat
muslim anu iman wajib, iman kana qodo sareng qodar Allh swt, iman kana qodo dan
qodar ngandung mangpaat anu seueur ka urang sadayana. Di antawisna mangpaat
iman kana qodo sareng qodar nyaeta tiasa ngokohkeun iman sareng takwa tiasa
nyadar upami sagala kajadian di dunia sareng di aherat tos di di tentokeun ku
Alloh swt. Ti jauh-jauh haritana nyana iman qodo sareng qodar tiasa numbuhkeun
kateguhan hate sareng ka sabatan, aya na musibah tur rintangan anu tiasa di
hareupan ku mangrupa katentuan-katentuan Allah swt.
Iman kana
qodo sareng qodar tiasa numbuhkeun rasa iklas tiasa narima sagala katentuan ti
Alloh swt sareng tiasa ngadorong kana ka sukuran ti Alloh swt upami usahan
tiasa hasil, upami tiasa nyadarkeun kana ka berhasilannana ka mangrupa karunia
ti Alloh swt, kaimanan qodo sareng qodar tiasa ngafdorong tina sikap tegar,
sabar, sareng heunteu putus asa, di antawisna upami usahana gagal, kagagalan
dina usaha sabenerna tos di catet ku Alloh swt ti zaman azali.
Mung sakitu
pidato ti simkuring, mugi-mugi aya mangfaatna,salah leresna di tawakup nu sa
agung-agungna.






0 komentar:
Posting Komentar